Connect with us

Majelis Taqorrub

Merenahkeun Kecap Kafir Sabenerna

KHUTBAH JUM’AT

KHUTBAH KAHIJI

إنَّ الْحَمْدَ لِلَّهِ, نَحْمَدُهُ, وَنَسْتَعِينُهُ, وَنَسْتَغْفِرُهُ, وَنَعُوذُ بِاللَّهِ مِنْ شُرُورِ أَنْفُسِنَا, وَسَيِّئَاتِ أَعْمَالِنَا
مَنْ يَهْدِهِ اللَّهُ فَلاَ مُضِلَّ لَهُ, وَمَنْ يُضْلِلْ فَلاَ هَادِيَ لَهُ,
أَشْهَدُ أَنْ لاَ اِلَهَ اِلاَّ اللهُ وَحْدَهُ لَاشَرِيْكَ لَهُ، شَهَادَةَ مَنْ هُوَ خَيْرٌ مَّقَامًا وَأَحْسَنُ نَدِيًّا.
وَأَشْهَدُ أَنَّ سَيِّدَنَا محَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ الْمُتَّصِفُ بِالْمَكَارِمِ كِبَارًا وَصَبِيًّا.
اَللَّهُمَّ فَصَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ كَانَ صَادِقَ الْوَعْدِ وَكَانَ رَسُوْلاً نَبِيًّا، وَعَلَى آلِهِ وَصَحْبِهِ الَّذِيْنَ يُحْسِنُوْنَ إِسْلاَمَهُمْ وَلَمْ يَفْعَلُوْا شَيْئًا فَرِيًّا،
أَمَّا بَعْدُ، فَيَا أَيُّهَا الْحَاضِرُوْنَ رَحِمَكُمُ اللهُ،
اُوْصِيْنِيْ نَفْسِيْ وَإِيَّاكُمْ بِتَقْوَى اللهِ، فَقَدْ فَازَ الْمُتَّقُوْنَ.
قَالَ اللهُ تَعَالَى :
لَقَدْ كَفَرَ الَّذِينَ قَالُوا إِنَّ اللَّهَ هُوَ الْمَسِيحُ ابْنُ مَرْيَمَ

Saéstuna geus kafir jalma-jalma anu ngaromong yén Alloh téh nyaéta al-Masih putra Maryam.. (TQS al-Maidah [5]: 17 dan 72).

Ikhwani fiddin a’azzaniyallohu waiyyakum,

Para wargi sadaya, hayu urang takwa ka Alloh kalawan sabener-benerna takwa, margi ku takwa sagemblengna anu bakal nyalametkeun kahirupan urang di dunya sareng di akhérat. Takwa pasti bakal mawa kabarokahan ti Alloh jeung maksiat pasti bakal mawa bebendon ti Alloh subhanahu wa ta’ala.

Hadirin jama’ah jum’ah rohimakumulloh

Salah sahiji sipat/karakter jalma anu takwa téh nyaéta teu weléh ngomongkeun bebeneran singsanajan pait karasana. Perkara anu bener téh mutlak kudu ditepikeun singsanajan loba anu moyok atawa aya nu teu resep. Hal ieu prinsip anu diajarkeun dina Islam ku Nabi SAW panutan urang sadaya.

Dina salahsawios hadits, Rosululloh SAW masihan pépéling ka salahsawios sohabat anu mulya Abu Dzarr al Ghifari.

عَنْ أَبِى ذَرٍّ قَالَ أَمَرَنِى خَلِيلِى -صلى الله عليه وسلم- وَأَمَرَنِى أَنْ أَقُولَ بِالْحَقِّ وَإِنْ كَانَ مُرًّا وَأَمَرَنِى أَنْ لاَ أَخَافَ فِى اللَّهِ لَوْمَةَ لاَئِمٍ

Katampi ti Abu Dzar, anjeunna nyarios, “Panutan abdi Rosululloh SAW miwarang kaabdi pikeun ngucapkeun anu bener singsanajan pait, mantenna miwarang ka abdi supaya ulah sieun kana pamoyok nalika da’wah di jalan Alloh ….” (HR. Ahmad)

Sidang jum’ah rohimakumulloh

Sawatara poé katukang, urang sadaya salaku umat Islam geus disibukkeun deui ku paguneman (polemik) kecap kafir. Kecap anu padahal mah écés jéntré jadi kurang jelas alatan aya anu nyieun réka perdaya sahingga ma’nana jadi ‘kabur’.

Hayu urang pernahkeun ieu kecap/istilah kafir kalawan jéntré. Sangkan urang saréréa teu kaluar tina patokan istilah éta sacara syar’i.

Saha anu disebutkeun jalma kafir téh? Dina kitab Mujam Lughah al-Fuqaha`(hlm. 268) anggitan Prof. Rawwas Qalah Jie disebatkeun harti kafir téh saperti kieu:
اَلْكَافِرُ: مَنْ لاَ يُؤْمِنُ بِاللهِ وَ لَا بِمُحَمَّدِ رَسَوْلِ اللهِ، أَوْ مَنْ يُنْكِرُ مَا هُوَ مَعْلُوْمٌ مِنَ الإِسْلاَمِ بِالضَّرُوْرَةِ، أَوْ يَنْتَقِصُ مِنْ مَقَامِ اللهِ تَعَالَى أَوْ الرِّسَالَةِ
Kafir téh nyaéta singsaha jalma anu teu ngimankeun ka Alloh jeung Nabi Muhammad SAW, atawa saha baé anu ngingkaran ajaran naon baé anu dikanyahokeun kalawan pasti asalna tina Islam, atawa anu ngahandapkeun kalungguhan Alloh jeung ngaréméhkeun risalah Islam.

Dina kamus bahasa Arab ogé ditegeskeun:
اَلْكَافِرُ مَنْ لاَ يُؤْمِنُ بِالْوَحْدَانِيَّةِ أَوْ النُّبُوَّةِ أَوْ الرِّسَلَةِ أَوْ بِثَلاَثَتِهَا

Anu disebut jalma kafir téh nyaéta singsaha jalma anu teu ngimankeun kana kaésaan Alloh, atawa kanabian Muhammad saw., atawa risalah Islam, atawa sadaya perkara anu tilu éta. (Kamus Al-Mujam al-Wasith, II/891).

Sidang jum’ah rohimakumulloh

Harti kafir kasebat tangtu éta téh meunang ngotéktak tina nash-nash al-Qur’an sarta as-Sunnah. Dina al-Qur’an jelas sumebar ngagunakeun kalimah kafir ku ma’na éta, kalawan wangun anu rupa-rupa, saperti kafirun jeung kuffar, pikeun nyebut jalma-jalma di luar Islam. Conto anu gampang saperti dawuhan Alloh SWT nalika nyebut kaum Nasrani:
لَقَدْ كَفَرَ الَّذِينَ قَالُوا إِنَّ اللَّهَ هُوَ الْمَسِيحُ ابْنُ مَرْيَمَ
Saéstuna geus kafir jalma-jalma anu ngaromong yén Alloh téh nyéta al-Masih putra Maryam. (TQS al-Maidah [5]: 17 dan 72).

Dina ayat séjén Alloh SWT ngadawuh:
لَقَدْ كَفَرَ الَّذِينَ قَالُوا إِنَّ اللَّهَ ثَالِثُ ثَلَاثَةٍ
Saéstuna geus kafir jalma-jalma anu ngaromong yén Alloh téh nyaéta pihak katilu di antara tilu oknum. (TQS al-Maidah [5]: 73).

Leuwih ti éta, dina al-Qur’an sorangan aya surah anu sacara khusus dingaranan ku Surah al-Kafirun.

Kumargi kitu wajar pisan lamun dina Piagam Madinah (Shahifah al-Madinah) ogé —anu cenah diaku teu pernah maké kalimah kafir— kanyataanana mah kalimah kafir dianggo ku Rosululloh SAW salaku pupuhu Nagara Islam waktu harita. Cobi perhatoskeun dina Pasal ka-14 Piagam Madinah écés jéntré disebatkeun:
١٤ :وَ لاَ يَقْتُلُ مُؤْمِنٌ مُؤْمِنًا فِى كَافِرٍ وَ لاَ يَنْصُرُ كَافِرًا عَلَى مُؤْمِنٍ.

Pasal 14: Saurang Mu’min teu meunang ngabunuh Mu’min séjénna kusabab ngabunuh jalma kafir. Teu meunang ogé jalma Mukmin ngabantuan ka jalma kafir pikeun (ngabunuh) jalma Mukmin. (Tingal: Ibnu Hisyam, Sirah an-Nabi saw., II/119-133).

Sidang jum’ah rohimakumulloh

Ingetkeun, kacida pisan wajarna ogé pami anu ngadegkeun Nahdlatul Ulama (NU), Hadhartusy Syeikh Hasyim Asy’ari ogé nyebut ka kaum di luar Islam, kaasup di nagri ieu, ku kecap KAFIR. Anjeuna ngadugikeun diantawisna:
وَ يَا أَيُّهَا النَّاسُ، بَيْنَكُمْ الْكُفَّارُ قَدْ مَلَؤُوْا بَقَاعَ الْبِلاَدِ
“Yeuh manusa, di antara aranjeun aya kaum kafir anu cicing di satiap wilayah di nagri ieu…” (Tingal: Irsyad as-Sari fi Jam’i Mushanafat asy-Syaikh Hasyim Asy’ari, hlm. 33).

Oge dina mazhab Asy-Syafii, saurang Muslim anu henteu ngafirkeun pangagem agama séjén salian Islam —naha Kristen, Yahudi, Budha, Hindu, Majusi jrrd; atawa mangmang ku kakafiran; atawa ngabenerkeun doktrin/ajaran maranéhna— mangka manéhna ia dihukuman kafir. Imam an-Nawawi nyebatkeun:
مَنْ لَمْ يُكَفِّرْ مَنْ دَانَ بِغَيْرِ الْإِسْلَامِ كَالنَّصَارَى، أَوْ شَكَّ فِي تَكْفِيرِهِمْ، أَوْ صَحَّحَ مَذْهَبَهُمْ، فَهُوَ كَافِرٌ، وَإِنْ أَظْهَرَ مَعَ ذَلِكَ الْإِسْلَامَ وَاعْتَقَدَهُ
Singsahaning jalma anu henteu nyebut kafir ka jalma anu agamana salian Islam, seperti Nasrani, atawa mang-mang kana kakafiran maranéhna, atawa ngabenerkeun doktrin/ajaran maranehna, mangka manéhna geus kafir singsanajan dina waktu anu sarua, manéhna nembongkeun dirina Islam jeung ngayakinkeun kana kaislamanana. (An-Nawawi, Rawdhah ath-Thalibin, 3/444).

Sidang jum’ah rohimakumulloh

Istilah Muslim jeung kafir nyaéta istilah anu titangéhna kénéh ogé digunakeun dina al-Quran. Kecap ieu murni digunakeun ku Alloh SWT dina dawuhan Mantenna kanggo ngabéntenkeun antara kaum mu’min jeung kaum anu ingkar.
Mangabad-abad lamina, kécap kafir dipaké pikeun nyebut jalma-jalma di luar Islam ampir teu pernah ngabalukarkeun masalah. Naha di jero (internal) umat Islam sorangan, boh di luar (eksternal) non-Muslim. Para ulama tibaheula kénéh ogé geus biasa maké kecap/istilah kafir dina kitab-kitab aranjeuna pikeun nyebut jalma-jalma nu lain muslim (non-Muslim).

Walhasil, urang sadaya kedah iyatna, kedah ati-ati caringcing pageuh kancing saringset pageuh iket tina sanéskanten rékaperdaya jalma séjén nu boga haté goréng anu hayang méngparkeun istilah-istilah syar’i, anu padahal mah teu kudu diropéa deui sabab sabenerna tos écés jéntré jelas tur boréas.

Mudah-mudahan Alloh SWT salamina ngaistiqomahkeun ka urang sadaya enggoning dina nutur galur tapak lacak jalan anu dipikarido ku-Mantena. Aamiin..!

[]
بَارَكَ الله لِي وَلَكُمْ فِى اْلقُرْآنِ اْلعَظِيْمِ، وَنَفَعَنِي وَإِيَّاكُمْ بِمَافِيْهِ مِنْ آيَةِ وَذِكْرِ الْحَكِيْمِ وَتَقَبَّلَ اللهُ مِنَّا وَمِنْكُمْ تِلاَوَتَهُ وَإِنَّهُ هُوَ السَّمِيْعُ العَلِيْمُ، وَأَقُوْلُ قَوْلِي هَذَا فَأسْتَغْفِرُ اللهَ العَظِيْمَ إِنَّهُ هُوَ الغَفُوْرُ الرَّحِيْم

Khutbah Kadua

اَلْحَمْدُ للهِ عَلىَ إِحْسَانِهِ وَالشُّكْرُ لَهُ عَلىَ تَوْفِيْقِهِ وَاِمْتِنَانِهِ. وَأَشْهَدُ أَنْ لاَ اِلَهَ إِلاَّ اللهُ وَاللهُ وَحْدَهُ لاَ شَرِيْكَ لَهُ وَأَشْهَدُ أنَّ سَيِّدَنَا مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ الدَّاعِى إلىَ رِضْوَانِهِ. اللهُمَّ صَلِّ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وِعَلَى اَلِهِ وَأَصْحَابِهِ وَسَلِّمْ تَسْلِيْمًا كِثيْرًا

أَمَّا بَعْدُ فَياَ اَيُّهَا النَّاسُ اِتَّقُوااللهَ فِيْمَا أَمَرَ وَانْتَهُوْا عَمَّا نَهَى وَاعْلَمُوْا أَنَّ اللهَ أَمَرَكُمْ بِأَمْرٍ بَدَأَ فِيْهِ بِنَفْسِهِ وَثَـنَى بِمَلآ ئِكَتِهِ المسبحة بِقُدْسِهِ وَقَالَ تَعاَلَى إِنَّ اللهَ وَمَلآئِكَتَهُ يُصَلُّوْنَ عَلىَ النَّبِى يآ اَيُّهَا الَّذِيْنَ آمَنُوْا صَلُّوْا عَلَيْهِ وَسَلِّمُوْا تَسْلِيْمًا. اللهُمَّ صَلِّ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَسَلِّمْ وَعَلَى آلِ سَيِّدِناَ مُحَمَّدٍ وَعَلَى اَنْبِيآئِكَ وَرُسُلِكَ وَمَلآئِكَةِ اْلمُقَرَّبِيْنَ وَارْضَ اللّهُمَّ عَنِ اْلخُلَفَاءِ الرَّاشِدِيْنَ أَبِى بَكْرٍ وَعُمَر وَعُثْمَان وَعَلي وَعَنْ بَقِيَّةِ الصَّحَابَةِ وَالتَّابِعِيْنَ وَتَابِعِي التَّابِعِيْنَ لَهُمْ بِاِحْسَانٍ اِلَى يَوْمِ الدِّيْنِ وَارْضَ عَنَّا مَعَهُمْ بِرَحْمَتِكَ يَا أَرْحَمَ الرَّاحِمِيْنَ

اَللهُمَّ اغْفِرْ لِلْمُؤْمِنِيْنَ وَاْلمُؤْمِنَاتِ وَاْلمُسْلِمِيْنَ وَاْلمُسْلِمَاتِ اَلاَحْيآءُ مِنْهُمْ وَاْلاَمْوَاتِ اللهُمَّ أَعِزَّ اْلإِسْلاَمَ وَاْلمُسْلِمِيْنَ وَأَذِلَّ الشِّرْكَ وَاْلمُشْرِكِيْنَ وَانْصُرْ عِبَادَكَ اْلمُوَحِّدِيَّةَ وَانْصُرْ مَنْ نَصَرَ الدِّيْنَ وَاخْذُلْ مَنْ خَذَلَ اْلمُسْلِمِيْنَ وَ دَمِّرْ أَعْدَاءَ الدِّيْنِ وَاعْلِ كَلِمَاتِكَ إِلَى يَوْمَ الدِّيْنِ. اللهُمَّ ادْفَعْ عَنَّا اْلبَلاَءَ وَاْلوَبَاءَ وَالزَّلاَزِلَ وَاْلمِحَنَ وَسُوْءَ اْلفِتْنَةِ وَاْلمِحَنَ مَا ظَهَرَ مِنْهَا وَمَا بَطَنَ عَنْ بَلَدِنَا اِنْدُونِيْسِيَّا خآصَّةً وَسَائِرِ اْلبُلْدَانِ اْلمُسْلِمِيْنَ عآمَّةً يَا رَبَّ اْلعَالَمِيْنَ. رَبَّنَا آتِناَ فِى الدُّنْيَا حَسَنَةً وَفِى اْلآخِرَةِ حَسَنَةً وَقِنَا عَذَابَ النَّارِ. رَبَّنَا ظَلَمْنَا اَنْفُسَنَا وَاإنْ لَمْ تَغْفِرْ لَنَا وَتَرْحَمْنَا لَنَكُوْنَنَّ مِنَ اْلخَاسِرِيْنَ.
عِبَادَاللهِ ! إِنَّ اللهَ يَأْمُرُنَا بِاْلعَدْلِ وَاْلإِحْسَانِ وَإِيْتآءِ ذِي اْلقُرْبىَ وَيَنْهَى عَنِ اْلفَحْشآءِ وَاْلمُنْكَرِ وَاْلبَغْي يَعِظُكُمْ لَعَلَّكُمْ تَذَكَّرُوْنَ وَاذْكُرُوا اللهَ اْلعَظِيْمَ يَذْكُرْكُمْ وَاشْكُرُوْهُ عَلىَ نِعَمِهِ يَزِدْكُمْ وَلَذِكْرُ اللهِ أَكْبَرْ

 

Sumber : DMDI DEWAN MASJID DIGITAL INDONESIA
https://seruanmasjid.com

 

Continue Reading
Click to comment

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *

twelve − 1 =